- Tihangan ( dimana nincak kana tihang bakal kuat )
- Jangjangan ( dimana jangjangan bakal hiber ka Arasy )
- Waktuan
- Sababan
Ati sing bisa hadir ka Alloh SWT, sing bisa khusu, hate sing isin ku Alloh, sing ageung harepan.
- 2. Jangjangan
- 3. Waktu
- 4. Sabab
Elmu hikmat aya dua :
- Elmu Wahbi : elmu ti pangeran, jiga elmu ka para Nabi.
- Elmu Kasbi : elmu anu make hese heula, kudu di kasab heula.
- Atina salamina risi / sieun ku Alloh
- Atina khusu dina sagala bidang peribadahan
- Handap asor ( tawadho )
- Hade tingkah laku / budi pekerti ( amis budi )
- Milih akherat daripada dunia
BAB
MEULEUM MENYAN
“meuleum menyan lain bid’ah tapi sunah Rosul, kalakuan Rosul”. Dimana urang meuleum menyan tur nganggo seuseungitan niatan ku urang ngikuti kana sunah Rosul, eta kabeh kalakuan teh lamun urang boga rasa hayang dihadiran ku Rosul. Menyan teh masih termasuk kana seuseungitan keneh, tambah ku bubur beureum bubur bodas hal ikhwalna kolot baheula mah mampuna ngan sakitu ngayakeun bubur beureum bubur bodas teh asa pang akangna. Tapi kade meuleum menyan ulah dipake kana ngondang jurig.Dawuhan Rosul : “Nikah teh sunnah kami, saha jalma anu ngabenci kana sunnah kami eta lain umat kami”. Tah meuleum menyan oge kaasup kana sunnahna Rosululloh SAW.
BAB
SORBAN / IMAMAH
Rek make sorban, rek henteu, rek make gamis rek henteu, dimana teu aya hadistna oge moal jadi dosa.hal ieu tos dijelaskeun dina kitab Assamail al-Muhamadiyah, diriwayatkeun ku Imam Atturmudzi anu dikenal kitab Attirmidzi. Jadi rek make sorban rek henteu teu jadi masalah tapi lamun benci matak jadi murtad.Aya 16 hadist anu nerangkeun bab gamis, salah sawios hadist nerangkeun,
“Anu paling dipikaresep ku Rosul anggoannana nyaeta gamis“. Maka gamis jeung sorban masih kalebet kana sunah Rosul. Dimana nganggo sorban diiketkeun dina mastaka dibuntutan di antara dua punduk, eta sunnah Rosul, ieu hadist anu soheh.
Babakan Hurip
05 mei 2001
Sabar aya 3 :- Sabar dina nandangan musibah. ( dipasihan 300 darajat ) bedana antara langit jeung bumi
- Sabar dina ngalaksanakeun to’at ka Alloh. ( dipasihan 600 darajat ) bedana antara lapisan bumi nu panghandapna nepi ka ujung arasy nu pangluhurna
- Sabar dina ngajauhan maksiat. ( dipasihan 900 darajat ) bedana 2 kali lipet antara lapisan bumi panghandapna sareng ujung arasy nu pangluhurna
Pasir malang Sumedang
Rabu, 13 Juni 2001
Ngaluhurkeun satinggi-tinggina kana kaagungan Rosululloh SAW, urang kedah gaduh abdas heula tur disunatkeun nganggo seuseungitan. Urang kudu diajar taskhis, hartina ngahadirkeun diri urang ka Rosul. Upami ati urang bisa taskhis ka Rosul, tangtu bakal dihadiran ku Rosul / Rosul aya di payuneun urang. Diantara tarekat para auliya, aya tarekat taskhis, kumargi kitu wali mah bisa disambat. Tareket kawalian lain nyambat jurig anu bakal mawa saliru ka diri urang.Riwayat Imam Ta’ajudin Sufki r.a.
Dina waktos sholat, dimana tos sumping waktos sholat anjeuna mah sok ngadeg nyalira, da anjeuna mah tiasa ningal rebuan malaikat anu tos ngabaris bade netepan. Tur mantena mah tiasa ngajadikeun batur oge sina ningali ku sabab anjeunannana. Teras tiasa ngukur waktu sholat.
Ta’asih hartosna mola kana amal-amalan karuhun-karuhun ulama-ulama Alloh anu manfaat ka Alloh. Bijilna elmu mukasafah moal bisa lamun henteu diajar taskhis. Istihdor hartina memener ati urang sing sina khusu, sing bener ka Alloh. Taskhis dicipta ku urang. Nuzul nepi ka darajat mukasafah. Mahabah hartosna rasa sieun / rasa cinta ka Alloh jeung ka Rosul. Taskhis mah siga enteng tapi bangga.
Dongeng mama Rende, dimana anjeuna kadesek sok ngado’a, do’ana teh “Al madad”. Dina toriqoh qodriyah annaksabandiah, bijilna elmu mukasafah eta tina taskhis. Urang sadaya diajar taskhis, sing bisa ngeclakeun cai panon dimana tumbuh perasaan jungjunan aya hadir di payuneun urang. Nu dipilari ku urang teh hayang syafa’at mantenannana. Urang teh hayang meunang hampura Alloh, urang teh hoyong kenging pembelaan mantenannana da urang mah teu boga jagokeuneun. Rek balik ka akherat teh amal teu boga, elmu teu boga iwal ti syafa’at jeung pembelaan sih piwelasna jungjunan alam Rosululloh SAW.
Kandang Sumedang
Senin, 18 Juni 2001, Jam 02.00
Riwayat Imam Nawawi r.a ; Syafa’at / pitulung jungjunan Rosululloh saw aya 5, namung aya 2 anu maha dasyat da ari anu 3 deui mah nabi anu sanes oge gaduheun. Syafa’at eta diantarana :- Al irohah minal haul
- Tiasa ngalebetkeun sapalih umatna tanpa mejalani proses, nu kuduna dihisab teu kungsi dihisab, nu kuduna ditimbang teu kungsi ditimbang, langsung wae angkat ka surga. Malaikat sakadar petugas kumaha parentah komandan, ceuk jungjunan kitu nya kitu wae.
- Tiasa nyalametkeun umat mantenan nana anu yakin bakal jadi eusi naraka jadi ka surga. Bilamana ditimbang loba amal gorengna, jeung dihisab teu bisa ngajawab umat ieu bisa disyafa’atan ku Rosululloh SAW.
- Bisa melaan atawa nyalametkeun umat anu geus aya di naraka. Umat anu geus jelas-jelas aya di naraka nu kuduna 1000 taun jadi sapoe di narakana teh. Anu kuduna 100 taun di naraka ku lantaran syafa’at jungjunan eta umat diangkat / dikaluarkeun ti narakana.
- Tiasa naekeun darajat umat. Tiasa ningkatkeun ahli surga anu asalna tina darajat handap jadi kanu luhur darajatna.
Sonda Sumedang
19 Juni 2001
Sholawat anu berijazah diantawisna sholawat nariyah, sholawat syifa, sholawat ibrohim jsb. Aya ijazah anu kedah di puasaan aya oge anu henteu kumaha didituna.
Abadal abidin ( Saeneng-eneng ),
Holidinafiha ( langgeng di surga jeung langgeng di narakana ).
Dalil aya tilu :
- 1. Dalil anu shoheh : jelas tanpa aya mu’arid / nu ngabentrokan nana jeung dalil anu sejen, ngarana shoheh bil mu’arid.
- 2. Shoheh tapi aya mu’arid. Dimana aya mu’arid hukumna jadi subhat.
- 3. Meles-meles subhat.
Bibit jelema nyieun dosa di alam dunya aya tilu :
- 1. Hasud
- 2. Kakawasaan / al hirsur
- 3. Al kibru / sombong
Baginda Sumedang
Ahad, 1Juli 2001
Jalma anu nyibukeun nyuprih elmu hakekatna nyaeta hayang milari jalan ka surga. Dawuhan Rosul : “Di mana-mana hiji daerah teu aya anu nyarek kana kagorengan mangka ieu totonden hampura Alloh bakal di tutup ka daerah eta”. “Dimana-mana dina pangajian dibahas masalah kaimanan jeung tauhid mangka otomatis jalma bakal nyaho kana aturan-aturan Alloh, secara otomatis bakal jadi pengaruh ageung ka masyarakat.”Jelema qona’at nyaeta jelema anu tuman puasa. KH. Muhamad Kurdi Cibabat ( maha guru ) Mama Eyang Cibabat tara tuang kana hasil tina gajih / bayaran buruh. Sabenerna mah dunya teh pangberokan nana jalma anu beriman.
Dawuhan Rosul : bakal datang hiji zaman ka umat kami; kyaina, ulamana ngajual belikeun elmu Alloh kana dunya, para pejabatna jelema-jelema anu dzarolim, para mentri-mentrina teu adil, para cendekiawanna fasek, para kyaina fasaqoh / jelema tukang doraka , dimana nyanghareup ka jelema marake baju domba padahal atina srigala, gayana para ulama atina leuwih bau tibatan bangke. Ti jalma-jalma kitu bijjilna fitnah tepi ka maranehna deui, fitnah eta balik deui. Tapi fitnah nu bieu teu ngareret nu hade, nu hade oge kabawa gorengna.
Angkrek Sumedang
Senin, 2 Juli 2001
Kangjeng Sulton Auliya Syekh Muhyiddin Abdul Qodir Al Zaelani ra, anu karomahna dicarioskeun dina kitab-kitab para wali, mantenan nana anu jadi pamimpin para wali-wali Alloh anu ajaran nana wajib ditiru. Mantenan nana wafat dina ping 11 Silih Mulud dina sasih Robiul Akhir.Ijazah wirid harian : dicarioskeun ku Sultonul Auliya Muhamad bin Muhamad al Gozali ra ; sing saha jalma anu ngawiridkeun ijazah wirid harian ieu mangka eta jalma didamel ku Alloh moal susah dunya jeung akherat. Komo lamun ti murangkalih dididik ngawirid ijazah ieu mangka tiasa ditingali dimana geus kolotna eta budak moal dileunaan ku sifat fakir.
Ulah majang gambar makhluk hidup atawa patung di lebet bumi / kamar, kumargi malaikat rohmat moal sumping upami di lebet eta bumi aya gambar atawa patung makhluk hidup tea. Contona ; patung anu dipikaresep ku urang atawa dipuja-puja, gambar foto urang, boneka, jsb. Gambar para wali, “wali songo” teu kenging dipajang margi eta mah tipuan urang teu kenging percaya. Pajang mah kaligrafi, ayat-ayat Alloh, jsb.
Ijazah ieu teu kedah disauman.
Cipulus Bojong Jati
Senin, 16 Juli 2001
Asma : jenengan, musamma : nu ngagaduhan jenengan. Jenengan dibagi dua : 1. jenengan dzat ( Alloh ) 2. jenengan sifat ( arrohman, arrohim, abdulloh / hamba Alloh )Isim jami : jenengan anu ngurung kana sakabehna.
Dawuhan Iman Abdulloh Al Alwi Al Haddad : “satungtung aya waktu buru-buru qodoan. Jelema anu ninggalkeu sholat karena dihaja kudu ngaheulakeun qodoan lantaran wajib. Lamun teu ngahaja ninggalkeun sholat fardhu kenging qodoan nana di akhirkeun”.
Pertarosan
Dosa atanapi henteu upami istri ngarunghal anu janten lanceukna ?
Jawab
Teu dosa satungtung niatna bari adab, dimana darurat jalankeun bae.
Dawuhan Rosul : “teu kaasup golongan umat kami dimana urang teu ngahormat ka saluhureun, teu nyaah ka sahandapeun”.
Pertarosan
Upami mendak artos di jalan urang kedah kumaha ? lamun dianggo ongkos ka pangaosan kenging henteu ?
Jawab
Anu leuwih salamet mah tong direret, lamun nyokot hujjah kudu disalabarkeun heula tapi tong disebutkeun ciri-cirina, upami dugi kana batas nyalabarkeun tapi euweuh nu ngaku eta kenging dipimilik, lamun aya anu nanyakeun wajib mulangkeun kanu memang bener-bener hakna.
Panyingkiran Sumedang
Salasa, 17 Juli 2001
Adab-adaban jelema anu ngaji kudu ngabersihkeun heula sakabeh kokotor dina ati. Lafad Alloh najan dipecah tetep kabawa jenengan nana.- Najan dicokot alifna tetep jadi : lillahima fissamaawaati wamaa fil ard / lillahi aya Alloh na.
- Najan dicokot lam na tetep jadi : lahuma fissamaawaati wamaa fil ard / lahu aya Alloh na.
- Najan dicokot ha na tetep aya : Allohu laailaahailla huwal hayyul qoyum huwal / ha aya Alloh na. Pan aya tarekat dina syi’iran anu Alloh na make hu.
Jenengan malaikat sareng katelahna :
- Malaikat Jibril disebut Saidina Abdul Jalil katelahna Abul Futuh / nu megang katerbukaan.
- Malaikat Mikail disebut Abdur Rozak katelah Abdul Gonaib
- Malaikat Isrofil disebut Abdul Kholik katelah Abul Hanifah
- Malaikat Izroil disebut Abu Jabar katelah Abu Yahya
Nangkod Desa Suka Galih
Senin, 23 Juli 2001
Nangkod hartina abdi sadaya tumutInkiad hartina sumuhun dawuh
Manfaatna surat yasin bisa nundukeun sagala makhluk ka urang
Dawuhan jungjunan : “dina waktos sholat, dina saat tahiyat akhir dugi ka salam tong usik deui heula, margi dina saat eta sat ijabah teh ayana”.
Izajah do’a supados pepelakan subur : aangtum tajro ‘uunahuu amnahnujjari’un, niatna dina ati lillahi ta’ala. Bijina ulah tina tanah batur kecuali tina areal bebas. Dedetkeun ku indung suku nu belah katuhu.
Dawuhan Sayidina Ustman Bin Afan ra ; jalmi anu miara sholat anu lima waktu kalawan dawam dina waktuna bakal kenging :
- 1. Bakal dipikacinta ku Alloh
- 2. Salirana bakal sehat
- 3. Bakal dijaga ku Malaikat tina balai
- 4. Bakal lungsur berkah anu sae tur seueur
- 5. Bakal katingali jelas dina rarayna cahayaan
Sembir Sumedang
Salasa, 24 Juli 2001
Anu maledogan sampean jungjunan nyaeta orang to’ip.Satungtung amal urang aya pamrih kana pamere, amal urang moal di ganjar. Urang diajar to’at ngbelaan diri urang sorangan. Ngayakeun muludan ulah dianggap istimewa margi nabi mah dugika seep harta, yuswa bahkan nyawa jang melaan urang nu jadi umatna. Da nabi mah najan teu di pang perjuangkeun ku urang oge nabi mah tetep salamet. Nabi mah dugi ka dipaparin jenengan Alloh : Bil mu’minina Roufurrohim / nu banget welas asih ka papada muslim.
Urang diajar ngusir atuda, dina salah sahiji hikmatna para nabi nyaeta kanggo ngusir atuda.
“ saha jalma anu ngayakeun kadaharan, inuman tuluy maca sholawat, mangka lamun paeh engke bakal diluhurkeun darajatna di yaumal qiyamah jeung para tabi’it tabi’in.” asal hadir dina muludan Alloh bakal ngahampura ka jalma anu resep kana muludan. Riwayat maulid nabi lamun dibacakeun kana naon bae eta bakal jadi barokah.
Dawuhan Imam Busyiri ra : “sakabeh elmu sahabat mushapna aya dina elmu Rosul, ibarat tina satetes cai ti lautan anu kacida luasna”.
Bojong Inong Jatimulya
Senin, 30 Juli 2001 Jam 02.00
Amalan-amalan anu tuluy ngocor ka urang najan urang geus maot :
- 1. Sodaqoh zariah
- 2. Ilmu anu bermanfa’at
- 3. Anak anu sholeh
Kumaha sangka maraneh kana ganjaran ladang anu macana pribadi ? jawab : TINGGAL KOMO !
Lamun urang hayang nyaah ka indung bapa tinggal sholeh, sabab jelema linglung tur gumede anu wani-wani nyalahkeun karuhunna.
Waladu Adam, Ibnu Adam, Bani Adam : turunan Adam / anak Adam.
“Lung tinulungan Re pinerean”
“Samedong sama dikungkang, sia nonggong aing nukang”.
SMK YPGU Sumedang
Rabu, 1 Agustus 2001
Resep salamet pikeun jalma anu hayang salamet :
- 1. Diajar totorekan, diajar lololongan.
- 2. Diajar api-api teu nyaho.
Urang kudu diajar nyoplok-nyoplokkeun dosa dina nganyahokeun sifat, dzat, asma Alloh SWT. Nu ngabentenkeun sifat-sifat Alloh :
- Sifat nafsiyah ; aya hiji disebut sifat dzatiyah
- Sifat salabiyah ; aya 5
- Sifat ma’ani ; aya 7
- Sifat ma’nawiyah ; aya 7
- 1. Sifat Nafsiyah
Definisi wujud : perkara anu syah mungkin katingali najan urang teu ningali
Ghoib hartina barang anu aya ngan teu kapanggih.
Teu kapanggih bahasa Arabna teu ka idrok.
Perkara anu ghoib kudu dipake kana perkara anu aya lain perkara anu euweuh. Ma’nana ghoib : “teu aya anu terang kana ghoib dina saat ghoib ti makhluk kecuali Alloh dina saat ghoib, tapi mun dibalikkeun ku Alloh aya”. Laa ya’lamun ghoiba illalloh / Alloh teh wujud, aya tapi teu ghoib. Alloh nyiptakeun hiji alat anu bisa mendakeun urang ka Alloh, nyaeta ku qolbu / ati urang.
Cadu mungkuk 7 eluk haram dempak urang bisa musahadah, ningali nyaho ka Alloh lamun ati urang kotor, artina ulah aya kokotor dina ati urang. Jelema hayang nyaho ka Alloh kudu ngarungi sare’at, hakekat jeung tarekat.
Dimana ayana Alloh : dimana aya dadamelanna, dimana moal aya barang anu aya lamun teu aya anu ngayakeun.
Laa ilaaha illalloh
Laa maqsuda illalloh : teu aya anu dipimaksad anging Alloh
Laa matluba illalloh : teu aya anu dipilari anging Alloh
Laa ma’suda illalloh : teu aya anu disembah anging Alloh
- 2. Sifat Salabiyah
- QIDAM : tipayun
- BAQO : langgeng
- MUKHOLAFATUL LILHAWADISI : nyulayaan ka sifat anu anyar, boh sifat boh pagawean.
- QIYAMUHU BINAFSIHI : mandiri, teu butuh kanu ngayakeun, teu butuh kana sifat.
- WAHDANIYAT : nunggal
Contona : anu nyembah kana panon poe, kana berhala / patung, kana seuneu, kana cai, kana bulan, jeung sajabana. Lamun teu akur sifatan nana jeung sifat anu 5 ieu, manka eta haram disembah.
Lembur Tengah
Rabu, 1 Agustus 2001 Jam 15.00
A’dtadqiroh : hiji kitab anu disusun ku Imam Al Qurtubi. Dijelaskeun dina bab mursyid, sifat-sifat anu mursyid. Tatak rama anu jadi guru .“mun rek ngajak batur kudu geus jadi ahli”.Nu disebut addin dawa un kamil / ari agama teh obat anu sampurna. Agama mah sagulak-sagilekna teh pinuh ku obat. Asal agama dicekel ku urang moal bakal stress. Lain obat batin wungkul, tapi obat fisik oge. Contona : puasa, sholat. Kupuasa bisa diatur tuang, ku sholat gerak terus, insya Alloh sararehat. Rosul ngadawuh : “ maneh gera sholat insya Alloh sararehat “ sabab dimana adab-adaban jelema teu dicekel tidinya mimitina jadi panyakit.
Naon sababna urang dimana aya pangajian kaditu kadieu belaan kapanasan, katiisan, kahujanan teu beurang teu peuting diarudag wae. Sabab aya nu nyarios ka pribados : “ ti saprak aya kyai Muhyiddin jelema teh siga nu dhipnotis eta weh dimana aya pangajian dimana wae sok diarudag wae, eta meureunan kyai Muhyiddin mah boga elmu hipnotis “.
Dijawab ku pribados : “ da ari jelema geus nyaho kana kauntungan-kauntungan Agama mah najan kumaha wae pasti diarudag, moal ngareret kana caritaan ti sisi ti gigir, dimana jelema geus nyaho kana untungna agama “.
“ geus aya deui wae nu garelo teh, pajarkeun kyai Muhyidin mah bogaeun elmu hipnotis, kunyuk siah ! “.
Atuh kuningali jelema abrul-abrulan indit ngaji, ngaleut kaditu kadieu minimal manehna ngarasa era. Batur mah ngaji belaan kumaha wae oge di arudag na ari aing lain kadua ngarasa syukur, malah nebarkeun taleus ateul / nebarkeun fitnah anu can karuan bukti kasalaha nana. Minimal kudu ngarasa era ningali batur ngaleut kaditu kadieu hayang hidayah jeung hampura Alloh, jajauheun kana ngadukung mah atuh kubasa-basa sing hade ulah ngagogoreng batur. Ngan urang sing inget ari ngaji teh hukumna wajib, moal ditarima ibadah nu sejen lamun teu ngaji.
Ganjaran nana ngaji :
- leuwih gede ti sholat 1000 roka’at
- leuwih gede ti tahajud 1000 kali
- leuwih gede ti ngalongok nu gering 1000 nu gering
- leuwih gede ti ngalayad 1000 nu maot
- leuwih gede ti munggah haji
Parugpug Paseh
Jum’at, 3 Agustus 2001
Naon anu jadi sababiah anjing bisa ningali kanu ghaib, sabab manehnamah hararudang / peureum hayam tara sare. Alloh masihan karamat ka para wali sabab marantenannana rajin depe-depe menghadap ka Alloh. Mukasafah hartina muka katerbukaan kana alam ghaib. Mukahasafah hartina muka bobogaan lalaki.Naon sababna Alloh ngaijabah do’a ti tengah wengi kasubuhnakeun, sabab Alloh keur hajat. Dawuhan jungjunan ; “Alloh lungsur ka bumi nangtang saha anu butuh dunya, akherat ku kami pasti bakal dibere / diijabah sabab Alloh SWT keur hajat”. Ngan hanjakal godaanna beurat sabab tara aya anu gugah ti peuting nepi ka subuh / ngaji ti peuting.
Maotna jalma anu ngaji bakal digolongkeun mati syahid jeung para syuhada, para tabi’in, para tabi’it tabi’in jsb. Bedana jelema anu diajar jeung anu teu diajar, nu diajar mah najan dina salahna ge wajar da diajar. Setiap bacaan qur’an bari diajar najan teu nincak kana makhrojna kana panjang pondokna kana tajwidna tetep diganjar. Pendekna sagala amalan anu teu nincak kana aturan-aturannana bari teu diajar sagala amalannana ditolak. Setiap jalma anu amal tuluy-tuluyan bari teu make diajar sagala amalannana ditolak tuluy dialungkeun amalna jeung jelemana ka naraka jahanam.
Saeutikna darajat jelema nepi ka akherat kudu diajar butuh, kadituna bakal nepi kana darajat mukasafah. Dina kitab Imriti ( Imam Imriti ) bab tular talar bab wirid kudu tengah wengi kaditu. Alloh bakal ngagampilkeun kana sagala pamaksudan jalama anu hundang ti peuting.
Talun Sumedang
Senin, 6 Agustus 2001 Jam 03.00
“ izajah sholatun wataslimun “ barjanji halaman 63Ustad Yusuf
Anu disunatkeun rurusuhan :
- Nyuguhan tamu
- Masihan tuangeun kana dulurna hingga anjeuna waregeun, maka ku Alloh dipasihan 7 handak. Ari sahandak sami sareng mapah 7 tauneun, sareng dijauhkeun tina siksa naraka.
- Ngurus mayit / miara mayit
Fadilah urang enggal-enggal ngurus mayit :
Pangpayuna diwales jalma mu’min saatos pupusna nyaeta dihampura sakabeh dosa jalma anu ngurus mayit. Dimana-mana pupus hiji jalma ti ahli surga, maka Alloh ngaraos isin bade nyiksa ka jalma anu manggul mayit, ngajajapkeun mayit, nyolatan mayit, nguburkeun mayit.
Lembur Tengah
Rabu, 8 Agustus 2001 Jam 02.00
Nikmat di dunya mah rata da kafir oge kabagean. Tapi nikmat di akherat aya istilah paleuwih nu teu kapanggih di dunya, kafir mah teu dibere. Anugrah kanikmatan anu abadi di akherat anu moal kabayangkeun pantar kumah nikmatna kafir mah moal dibere.Amalan-amalan qurbah : teu leueur ngadeukeutkeun ka Alloh sabar dina nandangan ripuhna nyiar agama eta nu gede ganjarannana. Nu kudu leuwih syukur dina saat urang narima musibah eta mah pilihan Alloh ta’la. Bahwa tambah-tambahna ladang ganjaran nyaeta ladang tina tambah masakat, malarat, dibere musibah jsb.
Antara jasmani jeung rohani nyimpulkeun darajat anu teu sarua. Eta teh ngahasilkeun kasimpulan darajat anu moal sarua darajat urang jeung batur. Malaikat Rokib as, tiasa nyimpulkeun amal jalma anu aya di alam dunya dugi ka akherat.
Sagala rupa martabat / darajt bijilna tina elmu. Ilmu imamna laku lampah. Ari elmu teh nyaeta imamna laku lampah / pamimpin amal. Ari amal nyaeta ma’mumna, nu ngiclik, nutur-nutur elmu.
Al ilmu imamul amal wal amal tabiuhu / ari elmu teh imamna amal ari amal ma’mumna. Jalma di akhir zaman ieu ayeuna lain nuturkeun elmu tapi nuturkeun hawa nafsu.
Alloh ta’ala maparin rohmat 100 bagian, nikmat sabagian dibagikeun ka sakabeh anu aya di alam dunya. Anu 99 bagian dibagikeun enke di akherat.
Bab
Nganggo Raksukan
Masangkeun kancing kedah ti handap heula kumargi orat. Masangkeun nana dipancal / selang hiji, memeh dibaju dicalana heula. Mun muka kudu baju heula terus calana. Mun mimiti masangkeun leungeun baju kudu katuhu heula mun muka kudu anu kenca heula. Make calana oge kudu suku katuhu heula, muka suku kenca. Lamun poho kudu dibuka deui margi matak kokoro.
Natisul aqli : kurang akal
Nganggo tudung dina seserahan teu matak jadi awon.
Ceuk elmu fiqih satiap maca Bismillahirrohmaanirrohiim najan teu nyaho hartina eta alus. Ceuk elmu tauhid hade gorengna amal makhluk eta dikersakeun ku Aloh, lain ukur ku kakawasaan Alloh. Dina ati kudu ngarasakeun yen sagala rupi ieu teh pangersana Alloh.
Arrohman : ngantos – ngantos nikmat Gusti di dunya
Arrohim : ngantos – ngantos nikmat Gusti di akherat
Dina tauhid, wujud idofi artina nyarande
Sakabeh wujud eta a’ridi : wujud makhluk aya nu ngawujudkeun.
Wujud Alloh azali : aya titatadina
Bahasa tauhid bahasa hikam wal bayan
Malaikat asalna tina pirang – pirang jisim.
Ketib Sumedang
Salasa, 14 Agustus 2001
Pertarosan :
- naon sababna urang hantem – hantem maca solawat, da rosul mah gudangna solawat ?
- Naon pangna urang terus – terusan ibadah ka Alloh da Alloh mah teu butuh ku ibadah urang ?
- Naha ari maca sholawat di luar sholat teu dipatok, kudu saloba – lobana ?
- Aya nu nyebutkeun sholawat di luar sholat ulah loba – loba teuing ?
Naha aya jalma anu teu atoh lamun aya anu mere duit ? teu aya.
Rosul ge kitu ngaraos bingah upami nu sanes masihan rohmat ka anjeunna, wajar keneh anjeuna butuh ku rohmat.
Berdasarkeun keterangan dawuh Alloh : “lamun anjeun aya anu mere, anjeun kudu mere ka batur minimal seri, maksimal leuwih”. Janji Alloh ka Rosul : “saha jalma anu maca sholawat ka kami maka dibere ganjaran 10 kali lipet”.
Segat sholawat :
Allohuma sholli ala Muhammad
Allohuma sholli ala ibrohim
Sholollohu alaihi wasalam
Riwayat para sahabat anu shoheh
- Aya anu nyebutkeun maca sholawat didandingkeun hukumna bid’ah ?
- Kumaha hukum kifarat ka jalmi anu jima siang keur puasa ?
- Naon anu disebut kifarat dzihar ?
- Sae mana kifarat ku saum jeung ku fidzah / artos ?
- Upami istri ngandung 4 sasih teras kaguguran, eta kedah diakekahan atanapi henteu ?
10. Lamun orok maot di jero beuteung teu terang istri atawa pameget kedah dinamian henteu ?
Dinamian kenging henteu oge teu sawios – wios, upami bade nganamian cenderung kedah kanami pameget, contona Abdulloh atawa bisa kaditu kadieu, contona Hindun
Naluk Citimun Cimalaka
Sabtu, 18 Agustus 2001 Jam 02.00
Ngaran iman ceuk sara : Ngabenerkeun ku hate, ngucapkeun ceuk lisan
Ngaran iman ceuk lughot : Migawe ku pagawean jeung ngamalkeun
Segala anu arek digapai ku urang sesuai anu dicita – citakeun kudu make heula elmu.
Tahapan – tahapan jelema diajar saeutikna aya lima :
- 1. Tahap bodo
- 2. Nincak kana diajar
- 3. nincak kana bisa
- 4. geus bisa jadi biasa
- 5. Geus biasa tuluy istiqomah tuluy jadi ahli
Mama Al qomi ( mertua ) bisa nembak hahayaman bari teu ningali. Ceuk anjeuna ; suku kenca euy, leres we nubeunang teh suku kenca.
KH Muhidin Cigondewah, diajar nonjok dugi katiasa nonjok cai bari caina teu goyang tapi pananganna baseuh.
KH Muhamad Sayuti, tiasa nembak kuntul bari teu ditingali, saur anjeuna ; jangjangna euy, pas keuna leres we jangjngna pisan. Ditaros ku muridna naha ama ditembak jangjangna, walerna teh ameh bisa dipeuncit euy.
Dalem Haji Wiranata Kusumah ( Emangna ), tiasa nerjemahkeun tafsir ku bahsa Belanda, hadist ditalar, tafsir ditalar. Tiasa nyetrakan tangkal kalapa bari anjeuna teu ngejat di tempat anjeuna cicing, tuluy kalapa dibeulah jerona aya laukan bari hirup laukna the. Maka anjeuna dipasihan gelar Pangeran Mekah.
Tah kitu ari jalama anu geus jadi ahli mah matih du’ana aheng elmuna.
Sindang Jaya Sumedang
Ahad, 19 Agustus 2001 Jam 03.00
Nyarioskeun kauntungan – kauntungan ngayakeun pangaosan :
- Kauntungan bagi mubaligh :
- Ganjaran meunang
- Bisa ngamalkeun elmu kasarerea
- Bisa silaturahmi
- Ngajalin Ukhuwah Islamiyah
- Bisa ngarobah wajah daerah, beh dituna bisa ngarobah wajah nagara.
- Unggal ngaji loba nu mere
- II. Kauntungan bagi sohibul baet :
- Ganjaran nana tamplok ka sohibul baet
- Duitna / hartana digunakeun dina jalan Alloh
- Bisa silaturahmi
- Anjeuna bakal seungit ( nama baikna )
- Meunang du’a ti rebuan jalma
- Dikenal ku sarerea
- Meunang elmu
- Teu kudu ngaluarkeun duit
- Anu nyieun gamis, tudung, sorban jeung sajabana anu dagang jadi payu
- Dagang minyak seungit, tasbeh, kopeah, kaset jeung sajabana payu
- Kendaraan angkot, ojeg, beca marema kuayana pangajian.
- Hese neangan doraka da eusina papatah hungkul
- Pupuh teh kenging ngadamel para wali songo
- Hese neangan maksiat
Rekaman kaset pupuh tos aya ti pun guru Bu Encum, 17 pupuh katalar kabeh. Engke mustami rek sina ngadangding pupuh, dipangnyieunkeun pupuhna kabeh. Olah ragana rek diarhkeun kana silat para pemudana, sabab silat mah disamping bisa ngabela diri oge bisa dipake ngabela nagara.
Conto pupuh :
He manusa naha leuit teu mikir teuing hirup kajongjonan, gawe kuralang – kuriling
Hukum karma : istilah hukum karma hartina pembalasan tina perbuatan urang.
Eling – eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Lamun kasasar nya lampah
Mangsa nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan
Lampah beunteur
Ku urang ulah ditiru
Aya cacing ngarengkol teu ditingali
Teu nyaho jerona aya useupan.
Gang Makam Pandai
Senin, 20 agustus 2001, Jam 03.30
Wuduna jelema anu berelmu mah boga rasa, beda jeung wuduna jalma anu teu boga perasaan / anu teu berelmu. Dimimitian wuduna jang ngabersihkeun kokotor dina diri urang.
Rahasiahna wudu
- Kekemu : bisi urang ngadahar dahareun anu teu halal
- Ngumbah pangambung : bisi urang ngangse anu teu bermanfa’at
- Ngumbah beungeut : bisi dina beungeut urang aya kokotor
- Ngumbah leungeun : bisi leungeun urang dipake hal – hal nau matak doraka atawa anu teu bermanfa’at
- Ngusap rambut : kusabab rambut ge orat bagi awewe bagi lalaki maka kudu dibersihan
- Ngumbah ceuli : naon sababna jalmi upami nguping kana dawuh – dawuh para ulama sok tara inget, sabab dina ceulina aya kokotor, mangka beresihan ku urang
- Ngabersihan sampean dugi ka mumuncangan : sabab urang dimana bade ngahadep ka Alloh teu kenging aya kokotor, bisi urang nincak barang anu najis maka bersihan.
Anu disebut nur ala nur misalna urang boga lampu lima watt terus ditambahan deui lima watt jadi sapuluh watt. Wudu teh cahaya , lamun urang wudu deui berarti cahayana leuwih gede atawa leuwih caang.
Kaum Sumedang
Senin, 27 Agustus 2001, Jam 24.00
Wasiat para ulama, syarat hayang diijabah du’a nyaetakudu ngadu’a make letah anu teu dipake doraka. Carana ku letah batur tapi urang ulah goreng sangka ka batur.
Anu didamel ku Alloh anu bakal langgeng :
- 1. Surga
- 2. Naraka
- 3. Aras
- 4. Kursina Alloh
- 5. Laoh paragi nyeratkeun takdir makhluk
- 6. Qolam paragi nyeratkeun sadaya dadamelan Alloh
- 7. Ruh
- 8. Tulang cungcurungan / mata holang jalma
- 9. Jasad para nabi
Dawuhan Rosul : Sorga mah dibulen ku pikangewaeun, pikasieuneun, pikaijideun, pikahoreameun jsb. Naraka mah dibulen ku kasenangan, sarupaning pikaresepeun jelema. Sing emut urang hirup di alam dunya ulah kawas lampah beunteur.
Urang kudu gaduh dua wadah :
- 1. Wadah syukur
- 2. Wadah sabar
Iraha urang kedah tolabul ilmi ? Tolabul lmi teh ti barang lahir dugi ka maot, sapoe – poena waktu teu dipake nyuprih elmu eta waktu teu barokah.
Cipadung ( Mang Onyon )
Sabtu, 1 September 2001, Jam 04.00
Dawuhan Rosul ka sayidina Abu Dzar Al Gifari ra, “ Abu Dzar anjeun mah ti barang lahir sorangan, geus gede hirup sorangan, berjuang sorangan, maot nyorangan, dihirupkeun deui di alam mahsyar sorangan, maot anjeun di tengah – tengah perjalanan keur nyorangan.”
Aya 4 perkara wasiat jungjunan anu diwasiatkeun ka Abu Dzar Al Gifari ra. Hei Abu Dzar weuteuhkeun ku maneh parahu anu bakal dipake ku anjeun jang nyebrang lautan, lamun parahu anjeun bocor tangtu anjeun bakal tikelebuh.
4 wasiat eta diantarana nyaeta :
- Weuteuhkeun, anyarkeun tutumpakan maneh sabab lautan kacida jerona
- Maneh sing diajar bebekelan anu sampurna, sing inget kana perjalanan akherat anu kacida jauhna, lamun teu boga bekel sangsara salalawasna.
- Abu Dzar, entengkeun anu dipanggul ku anjeun sabab anjeun arek nyorang perjalanan anu kacida beuratna ( dunya teh pabeubeurat )
- Abu Dzar, maneh kudu ikhlas dina sagala rupa amal maneh
Senin, 3 september 2001, Jam 03.00
Kufur dibagi 7 :
- Kufur ingkar : sama sakali teu percanten kana ayana Alloh
- Kufur zuhud : percaya kana ayana Gusti alloh ngan kana parentah Alloh diapilainkeun / teu ngagugu kana parentah Alloh SWT
- Kufur ahli kitab : percanen kana ayana Alloh, ayana nabi, kana ayana kitab yakin, tapi teu gemleng yakinna
- Kufur nifak : golongan munafik anu iman na teu dugi kana manah na. Iman na sakedar dina biwirna wungkul
- Kufur sirki : golongan kufur musyrikin anu nyembah ka salian ti Alloh, ibadah ka Gusti Alloh tapi sok nyuhunkeun / nyembah ka salian ti Gusti Alloh
- Kufur ni’am : kufur jalaran tara syukur kana nikmat anu tos dipaparinkeun ku Gusti Alloh SWT
- Kufur riddah : kufur jalaran hengker iman na ka Alloh, lemah tina elmu
- Sing tiasa maksakeun kana to’at
- Sing tiasa diajar kana to’at
- Sing tiasa ngaraosan amisna to’at
- Amisna to’at sing kacandak maot
Ketib Sumedang
Jum’at, 7 September 2001, Jam 03.00
Barokah hartosna tambah – tambah kana kahadean
Urang ngado’akeun panganten tujuan nana aya dua :
- 1. Hoyong barokah
- 2. Sing ngahiji rohani na
Masdar ceuk elmu sorof bedana :
Takdir bahasa anu aya nisbat kanu samemehna tina saba’dana, masihan wates wangen kana sakabeh perkara. Qodrat nyaeta kakawasaan
Qodar sami jeung takdir, nakdirkeun Alloh kana sakabeh makhluk disebut we qodar
Qudrot ceuk istilah umum memang sudah kehendak Alloh
Baginda Sumedang
10 September 2001, Jam 03.00
Ijazah Asma’ul Husna
Urang hadiahan heula ka jungjunan urang Kanjeng Nabi Muhammad saw, ka para wargina, ka para sohabatna, ka para tabi’in, para tabi’it tabi’in, para mu’minin muminat, muslimin muslimat, jst.
Ya Alloh abdi sadaya nyuhunkeun ka paduka, welas asih paduka
Hei dzat anu mana eta dzat nyaeta Alloh anu teu aya deui pangeran kajabi mantena Alloh.
Al maliku anu ngaratuan sadya alam
Al qudus anu maha suci tina sagala rupi sifat kakirangan
Jati Hurip Sumedang
Senin, 17 September 2001, Jam 03.00
Agama : ageman ( cecekelan )
I’tirod : nyekel pageuh kana agama Alloh
Abdul hay : anu hurip
Islam rek jaya prosesna tangtu tina jalmi anu saroleh ladang elmu dipake bener, ladang ngaji dipake ibadah ka Alloh. Tangtu dina zaman eta lolobana umat islam teh jalma – jalma anu taraqwa, jalma – jalma anu saroleh. Jungjunan ngadawuh “islam rek nepi di akhir zaman bakal jaya deui saperti di zaman kami “. Kumaha jayana islam, nyaeta dimana sakabeh jalma ngarti kana elmu Alloh, barisa ngaji kabeh.
Proses islam rek jaya :
- Elmu agama kudu geus siap
- Iman kudu geus siap
- Do’a kudu maratih heula
Lungsurna nabi Isa jeung imam Mahdi pikeun maehan Dajal teu kurang ti 315 jalmi anu dibe’at ku imam Mahdi ti unggal nagara jadi pamimpin / jadi para wali kabeh.
Panyingkiran Sumedang
Sabtu, 29 September 2001
Panyingkiran : tempatna jalama – jalma anu nyalingkir tina bahaya.
Lembur ( qodu ) lembur kadu hartina pamimpin
Ajaran islam ajaran anu sampurna
Ajaran islam ajaran obat, obat hate anu paling beurat.
Teroris : jelema anu mengikuti hawa nafsu na.
Kandang Sarijadi Sumedang
Rabu, 3 Oktober 2001
Di surga jungjunan nguping sora tarumpahna saidina bilal, singhoreng eta teh saidina bilal ngiclik ( anjeuna tiasa lebet ka sorga hirup – hirup ). Jungjunan naros, naon amalan maneh bilal nepi kabisa kitu ? “ungal tos abdas sholat 2 roka’at syukril wudu“.
Dongeng Ama Cibaduyut waktos dicandak ku Nipon. Sagala katuangan anu aya di Bandung dicandakan ku Nipon. Beas, pare anu aya sacangkir ge dicandak. Rakyat sakota Bandung ngadeuheus menta tulung ka Ama Cibaduyut, Ama gumujeng teras ngadawuh : “atoh kami mah di rawat, da hakekatna mah ku Alloh” kuring teh ngado’a hoyong jadi malaikat, kosong saku kosong peujit teh atoh. ( da wali tea ). Nangis sadayana, diantep ku Ama. Nya atuh dicokotna oge ku Alloh urang penta deui ka Alloh, prak ayeuna mah sabar jeung sholat. Lajeng sadayana warudu teras sadyana sholat. Sholat naon Ama ? nya sholat menta we ( hajat ) sholat hajat 2 roka’at.
Begitu beres assalam – assalam aya nu ngetrok bumi, aya santri anu nyandak artos di kanjutan ( kanjut kundang ). Saurna “ aya jalmi anu benghar kacida di Bandung seja zakat, candk we roda saseueur – seueurna. Kacandak ka bumi meh kintalan, Ama Cibaduyut mah teu nyandak saeutik – eutik acan.
( dasar kudu jadi domba, kaula hayang jadi malaikat, domba mah angger weh domba ).
Dongeng Kangjeng Sulton Auliya Syekh Abdul Qodir Zaelani, 40 taun sholat sareng wirid anjeun na tiasa ngaalitan lajeng ngapung ka langit. Moal aya kalakuan anu panghebatna kajaba sholat. Sholat nyandakna ti kahiyangan langsung ti Alloh ka nabi teras diteraskeun ka malaikat Jibril. Saidina Ali dumeuheus ka jungjunan hoyong cerdas. Ijazah jungjunan :
Unggal malem Jum’at sholat 4 roka’at, unggal roka’at :
Roka’at ka hiji maca surat yasin
Roka’at ka hiji maca surat tabarok
Roka’at ka hiji maca surat hamim duhon
Roka’at ka hiji maca surat alip lam mim assajadah
Barokahna amalan eta dugi ka Saidina Ali mah tiasa ngaos 200 ayat sadinten na ditalar teu kurang teu leuwih satiap anu diuningakeun ku jungjunan.
Dawuhan Abu Bakar, “ ari tandana kaduhung ciri atina leuleus “
Dawuhan jungjunan, “ hey umat Muhammad lamun anjeun nyaho kana rahasiah alam ghaib bakal loba ceurik moal loba seuri “.
Dongeng wali Alloh :
Aya anu masihan tuang eta jalmi teh sok usaha tapi subhat, barang wengi bade netepan teu tiasa gugah, teras curiga, teras dumeuheus ka guruna “ ku abdi dikoreksi naming teu ka pendak, lajeng guruna ngadawuh “ eta tina sahuap tea “ hasil tina barang subhat.
Urang teu pati jauh jarakna jeung para wali. Eyang Pamijahan, Eyang Dalem Haji, Eyang Samadin, Eyang Agung Mahmud, Eyang Mah Acah, Mama Eyang Cibaduyut.
Langkah hayang ma’rifat nepina ka Alloh kudu ngalakonan 9 wasiat para wali.
Tanya Jawab
- Dina tauhid aya istilah tajarud bidayah jeung tajarud nihayah, naon bentenna ?
Dawuhan Imam Gozali “ lamun sholat teu bisa khusu cobaan peureum, lamun kupeureum bisa khusu tuluykeun “
Tajarud nihayah : saperti Mama Selajaya guru Mama Cibaduyut, anjeuna mah sholat bari digandengan teu kakupingeun. Eta tajarud nihayah. Urang mah da tibalik malah anu ngagodana oge disogrog – sogrogkeun ku urang keneh. Saperti sajadah geus aya karpet anu polos der mawa sajadah anu belang, kaligrafi ditempelkeun dina tembok, jadwal sholat ditendeun hareupeun. Sajadah usahakeun anu polos teu kenging anu aya gambaran.
- Kumaha lamun urang rek mayar hutang tapi jelemana geus pindah ka tempat lain tapi urang teu apal alamatna ?
- Kumaha lamun jema’ah haji maot di Mekah, sabab aya katerangan saha jalma anu naek haji terus maot di Mekah maka sakabeh dosana di hampura, naha leres eta teh ?
- Kumaha lamun istri dikantunkeun ku carogena teu nikah deui, naha bakal ngahiji deui di akherat ?
- Naha leres aya rumah tangga dunia akerat ?
- Jodo tos ditangtukeun ku Alloh, tapi naha aya anu geus kawin tuluy cerai deui ?
- Saha ari dajal ? sareng kumaha ari dajal ?
KH MUHYIDDIN AQA MA
1. TAHOLI ( susuci ) tina sagala rupa kokotor :- Patekadan ( aqidah )
- Nu nyangkut jeung kapangeranan ( Illahiyat )
- Nu nyangkut jeung kanabian ( Nabawiat )
- Nu kakuping ku cepil urang, mangrupa dawuhan Alloh sareng Rosul. Contona : alam ghaib ( Syam,iat )
- Hate / batin
- Lahir
- Harta benda ( nu dituang, dianggo, cicingan, bojo, caroge, anak jeung sajabina )
- TAHALI ( dangdan )
- TAJALI ( conto : sinar matahari ku surya kanta bakal karasa panasna karena matahari tajali )
Kelas taholi kelas urang sadayana. Jelema geus tepi ka kelas tajali maka euweuh hahalang manehna jeung Alloh. Sagala kahayang pasti dikabul ku Alloh. Meresihkeun aqidah, eta diantarana meresihkeun tina 4 perkara :
- Sak / mangmang ( ragu )
- Kufur
- Murtad
- Syirik
Dzon : anu tarik
Waham : anu rendah / lemah
Rata : mangmang
Yakin : dina ati euweuh dua pilihan, pasti ngan hiji.
Urusan aqidah sok aya ragu eta bisa nyebabkeun amal urang tileuleutik ancur atawa beak. Panyakit ragu eta kalakuan iblis nu ngarusak ka urang. Maka dimana urang ragu gancang balikeun deui kana yakin. Kukituna urang kudu apik lamun hayang ngaleungitkeun ragu sabab eta panyakit asalna mangrupa panyakit pohoan nu antukna bisa ngadeukeutkeun kana pikun. Hal anu ngabatalkeun kana pahala sodaqoh diantarana ngagonggorokan jeung riya.
“Ari syaratna rek reureujeungan kudu aya keseimbangan”.
Babakan Hurip
20 November 2002, jam 01.30Alloh ngalungsurkeun kitab ka dunya ti wit Nabi Adam as dugi ka Jungjunan alam kangjeng Nabi Muhammad saw sadayana aya 104, nu di lungsurkeunna secara bertahap. 100 kitab ku Alloh, maknana disimpen dina kitab Zabur nu dilungsurkeun ka Nabi Daud as, dina kitab Taurot nu dilungsurkeun ka Nabi Musa as sareng dina kitab Injil nu dilungsurkeun ka Nabi Isa as.
Rahasiah jeung makna 3 kitab eta ku Alloh di simpen dina 112 surat nu aya dina Al – Qur,an tanpa Al Fatihah jeung Al Baqoroh. Anu 112 surat eta makna jeung rahasiahna ku Alloh disimpen dina surat Al Baqoroh. Teras makna jeung rahasiah surat Al Baqoroh terkandung dina Surat Al Fatihah tanpa kalimat bismillaahirrohmaanirrohiim tanpa huruf Ba. Makna jeung rahasiah bismillaahirrohmaanirrohiim tanpa huruf Ba eta terkandung dina huruf Ba.
Huruf Ba eta ngandung harti : “Bikana makana wabiyakunu mayakunu”, nu hartina “ku Aing geus aya sakabeh perkara anu geus aya, jeung ku Aing bakal aya sakabeh perkara nu bakal aya’, sakabeh ciptaan Alloh, ku Alloh diringkes didinya. Numawi sok aya anu tawasul ku Ba, diantawisna Muhammad bin Abdil Karim Assamani murid Syekh Abdul Qodir Jaelani nu ngagaduhan tarekat Assamaniah.
Ba napel dina sakabeh makhluk jeung ciptaan Alloh. Numawi disagala rupa perkara nu sae nu dilakukeun ku urang disunahkeun ngaos bismillah. Maksadna tina eta pasunahan nyaeta :
- mengakui kana qudrot jeung irodatna Alloh
Bismillah asal kalimat tina Bi Ismillah ( kalayan jenengan Alloh ), malah makom ahli tauhid mah ngahartosanna kalayan Dzat nu dijenenganan Alloh.
- Pengakuan urang bahwa sakabeh perkara eta kabeh katapelan jenengan Alloh.
- Ngalap berkah ( tabaruk ), mengandung sakabeh kitab Alloh, jeung sagala rupa perkara ciptaan Alloh, maka teu aya deui anu leuwih pantes dialap barokahna salian ti bismillah.
KH Ahmad Thoha
Jelegong Bandung
Urang sing bisa ngarasa bagja dina tempat nu hina, senang najan dina waktu ripuh. Hartina dongeng nyaeta dongdonan baheula ngengna ayeuna, rek bener rek salah da lain ti Rosul.
Syekh Busyiri : “Jeung kudu nyulayaan anjeun kana kahayang, jeung sulayaan deuih syetan, malah musuhan eta syetan jeung nafsu”. Cing tanya diri sorangan, naha urang ibadah teh geus bisa ikhlas atawa henteu. Dinu Al qur’,an aya katerangan : “engke bakal aya poe urang teu ngaku ka dulur, ka indung, ka bapa, ka anak, ka babaturan”.
Cara mahabah ka Alloh bisa kucara nurut ka Rosul. “ teu eureun – eureun hamba aing ngadeukeutan ka Aing ku pirang – pirang pasunatan” hadist kudsi.
Nu jadi cukang lantaran ayana urang di dunya nyaeta indung jeung bapa. Indung teh ripuh timimiti nyiram, hamil nepi ka ngalahirkeun, terus ngarawat orok salila dua taun nepi ka eureun nyusu. Nu matak urang kudu nyaah ka kolot, sing inget jasana kolot nu jadi sabab urang genah di dunya. Sing saha jelema haying disebut hade ka indung bapa hadiahan eta indung bapa.
Pangeunahna di dunya teh nyaeta AYA, lain EUWEUH. Nyarekan / nyeuseulan hartina nyarek teu bisa diseuseul – seuseul ku cara lemes.
Hartina Zam – zam : eureun.
KH. Muhyiddin AQA MA
Dimana urang ngabogaan cita – cita nu makin luhur maka makin berhadapan jeung resiko nu leuwih hese / beurat. Lamun urang hayang cageur tina hubud dunya urang kudu nyaho heula kaagungan Alloh, elmu Alloh tur kaagungan Rosululloh. Dimana hate geus hubud dunya maka bakal balap ngudag – ngudag dunya.Imam Syafi,i ra ngadawuh yen sok jadi rusak umat di dunya jeung tepi ka akherat ku dua hal nu jadi bibit buitna, nyaeta :
- jelema berelmu tapi sulaya kalakuannana jeung elmuna
- jelema bodo kikiyaian
Dimana urang ngahormat kana kapangkatan dunya maka 2/3 iman urang coplok, sabab dina kapangkatan dunya mah euweuh kaagungan. Moal aya cita – cita hayang ridho Alloh, hampura Alloh, surgana Alloh, kasalametan akherat, lamun dina hate geus ngancik hubud dunya. Lamun urang hayang naek kapangkatan bari embung ripuh nukitu ngarana mustahil.
Dawuhan Imam Syafi,i ra : “bisa karaih darajat nu luhur kumaha karipuh urang berusaha menghadapi resikona”. Dawuhan Rosululloh saw : “sholatna hiji jalma jeung mamum saurang etaleuwih utama tibatan solat sorangan, sholatna mamumna duaan leuwih alus tibatan mamum sorangan, dimana leuwih loba leuwih dipikacinta ku Alloh”. Berjamaah teh ngadatangkeun rohmah ti Alloh. Dimana euweuh anu berjamaah di hiji kampung dina sawaktu, maka diranjah syetan eta kampung.
Dina kitab fikih, “lamun urang sholat lohor dur cong sorangan di mesjid, ayage berjamaah akhir waktu, leuwih hade berjamaah”.
Imam Al Bakri ngadawuh :
- Alloh ningali kana ati imam, lamun ati imam hade maka kabeh bakal meunang ridhona Alloh, ku Alloh ditarima sholatna dihapus kabeh dosana.
- Lamun hate imam teu hade, Alloh ningal kana hate mamum, dimana diantara mamum aya nu hatena hade maka kabawa alus kabeh jeung imam – imamna.
- Dimana kabeh hate imam jeung mamum goring, maka Alloh ningali kana gerakan sholatna, renkak rengkukna bener henteu
Rosul ngadawuh :
Alloh swt di surga ngadamel kota jalal ( anu megah ), dina eta kota aya hiji istana nu namina ,adomah ( anu agung ), di eta istana aya hiji bangunan / gedung pencakar langit ( rohmah ) anu ngabogaan 4000 tingkat, dinu satingkatna aya 4000 bidadari. Jadi seluruh gedung aya 16.000.000 bidadari, ditambah deui ku Allohnu moal kabayangkeun ku hate urang, duka naon. Kabeh ieu teh keur jalma nu daek berjamaah bari jeung ikhlas.
Cilipung Sumedang
Urang sing daek berjama’ah, da ari ku berjama’ah mah sagala sesuatu oge bakal jadi gampang terutama dina siar Islam. Ku berjama’ah urang dimana meunang kasusah bisa katulungan ku sababiah babaturan, tapi ieu ngan saukur syareat da hakekatna mah angger ku Alloh. Conto lain dimana urang gering tuluy indit ka dokter bari can puguh cageur tapi urang geus wani mayar, tah ieu mangrupakeun cara urang ngahargaan jeung hade sangka ka dokter anu rek jadi syareat nyagerkeun urang matak daek mayar oge, da ari cageurna mah angger weh hakekatna mah ku Alloh.Ayeuna ka Rosul, najan urang nurut kana elmu Rosul misalna ripuh, urang keukeuh wajib syukur lamun ningal kana niat mantena nu hayang nyalametkeun urang nu jadi umatna, komo lamun nyandak elmu Rosul teh urang jadi salamet, ieu mah tinggal komo syukurna oge. Urang tong katipu ku dunya, najan sakola luhur nepi ka meunang gelar nepi ka urang boga sangkaan ku elmu nu kitu urang bisa manggih katenangan, moal malahan mah angger bakal panggih jeung nu ngaranna stress wae. Conto lain urang boga imah, caritana hayang agung, apan buktina mah urang kalah diripuhkeun ku imah, urang kudu sasapu, ngepel beberesih, pokona kalah jadi bujangna imah, komo lamun urang boga sesuatu anu sifatna barang mewah ieu mah bakal leuwih – leuwih nimbulkeun stresna oge. Makin beunghar jabatan makin luhur moal makin bebas da pasti nu benghar ge sok aya ripuh, ceuk sasangkaan urang wungkul enghar bisa nyenangkeun teh, da ari Alloh mah ngawurkeun kasenag jeung kasusah teh rata.
Carana lamun urang embung panggih jeung stress, euweuh deui urang kudu daek diajar jeung make kana elmuna Alloh elmuna Rosululloh. Najan urang katingalina di dunya urang hirup kokoro, tapi tetep ku nyekel pageuh kana eta elmu urang bakal tiis pikiran. Nu matak para wali mah nyorangan teu aya kakeueung, kasedih, kasusah lantaran geus ngelmu kana elmuna Rosul hingga Alloh ngajamin kana sagala pangabutuhna.
Sabab atawa syareat aya dua; aya anu jelas, aya anu teu jelas. Urang tong tarik teuing nyekel kana syareat / sabab lantaran bisa jadi musyrik. Misalna nekadkeun ku sakola jeung digawe urang bakal bisa dahar, gening orok anu teu bisa naon – naon bisa meunang dahar, ieu mangrupa rizki ti Alloh keur eta orok ku sababiah nu jadi indungna. Ayeuna mah ati urang sing manteng Laailaa haillalloh, da ari geus wawuh jeung Alloh nu sagala maha mah kereteg ati oge bisa ngajadi. Keun teu bisa maca Qur’an oge asal ati urang sing wawuh ka Alloh, sing bisa nete taraje nincak hambalan. Kunyekel pageuh kana elmu ti Alloh pasti urang bakal meunang nikmat di dunya nepi ka akherat, paeh urang bakal mawa iman jeung Islam.
Cilengkrang
H. M Roihan
Melambaikan tangan pada hajar aswad merupakan baeat. Rosululloh bersabda “ siapa orang yang melambaikan tangan pada hajar aswad, tiada lain dia baeat kepada Alloh SWT “, “ Hajar aswad adalah tangan kanannya Alloh SWT “.Riwayat Al Imam Abdul Al Amar Ibnu as, yang diterima dari AL Imam Abas bin Sueb, Rosul bersabda “ jika melambaikan tangan pada hajar aswad, tenggelam dia dalam rahmat Alloh SWT “.
Siti Aisah pernah meriwayatkan bahwa Rosululloh saw pernah bersabda “ kalau sudah hari kiamat, kala manusia bangkit dari kubur, ka’bah akan menghampiri nabi dan berkata salam pada nabi dan nabi menjawab juga untukmu salam wahai baeat Alloh. Wahai ka’bah bagaimana tindakan umatku padamu dan bagaimana kamu pada umatku ? ka’bah menjawab ; aku berjanji siapa orang yang pernah mengunjungiku aku berjanji akan menjamin dia di hari kiamat dan pada hari ini aku akan membelanya dari ancaman siksa neraka, adapun yang tidak bisa mengunjungiku itu bagian engkau ya Roslulloh “.
Dalam Al Qur’an Alloh berkata “satu telapak kaki dalam towaf mampu menghapus dosa 70000 dan meninggikan derajat 70000 dan memberi kebaikan 70000“. Sementara kalau kita sholat dua roka’at disana maka kita dapat membela 70 orang keluarganya. Alloh memerintahkan pada hambanya pintalah pertolongan pada Alloh dengan sabar dan sholat. Kemudian Rosululloh pernah bersabda ; towaf adalah sholat.
Syarat towaf :
- Bersih dari hadast besar
- Bersih dari hadast kecil
- Bersih dari najis
Alloh memberikan pahala pada yang towaf lebih banyak dari pada yang sholat. Riwayat Al Imam At Trabani, rosul bersabda “Alloh menurunkan pada setiap harinya 120 rohmat, dimana 60 rohmat Alloh berikan pada orang – orang yang towaf, 40 rohmat Alloh berikan pada orang – orang yang tidak towaf tapi itikaf / sholat disana, 20 rohmat Alloh berikan pada orang – orang yang melihat ka’bah “.
Jati hurip
7 KAUNTUNGAN KEUR UMAT NABI MUHAMMAD SAW
- Saha jalma anu ta’at ka kami tapi ta’atna teh samampu manehannana, Kami narima kana ta’atna / ibadahna sarta kami bakal ngawales anu pangwalesannana anu pantes ti Kami.
- Arek ningali anggota badanna anu tujuh anggota, dimana salah sahiji anggota badanna aya anu ta’at ka Kami mangka anu genep anggota badan laina ka safa’atan
- Saha bae umat Rosululloh saw anu tobat tina dosana anu sabener-benerna mangka ku Kami bakal dihapus jeug dibersihkeun tina eta dosana saperti orok deui
- Saha jalma ti umat Rosululoh saw anu keukeuh embung tobat tina dosana mangka ku Kami bakal dibere balai mangpirang-pirang panyakit
- Saha jalma ti umat Rosululoh saw anu ngalakonan dosa terus manehannana rumasa dosa, mangka ku Kami bakal diberihkeun tina dosana
- Kami bakal mukakeun panto naraka Hawwiyah keur umat Rosululloh saw salami 40 poe, sapoena 1000 tahun
- Dimana kiamat ngadeg, maka sakabeh umat Rosululloh saw bakal dihadepkeun ka Kami ( dihisab ) dimana dihisabna ku Kami saperti dunungan anu bageur ka bujangna anu lemah.
Ketib
Kamis, 4 September 2003
Di jero Isro Mi’raj pinuh ku elmu, keur jalma anu ngagali mangpirang – pirang hikmah jeung anu diajar nepi ka Alloh cukup ku Isro Mi’raj. Isro Mi’raj mangrupakeun cermin anu nyukupkeun sagala pangabutuh urang.Memperingati Isro Mi’raj lain ngan saukur hanya sebatas dongeng tapi sing bisa neuleuman atawa suluk ngambah kana eta elmu anu kacida jerona lantaran anu jadi hasil tina ngambah ieu elmu nyaeta panggihna jeung Alloh SWT saperti Rosululoh SAW. Pantes ku Alloh di abadikeun dina Al Qur’an ( surat Al Isro ), tatkala Alloh ngulem kanu jadi kakasihna kalayan diistimewakeun, diagungkeun nepi ka diperingati ku sadaya makhlukna Alloh. Ieu hiji fakta atawa bukti anu nuduhkeun kana agungna Isro Mi’rajna Rosululloh SAW. Pantes lamun umatna sebagai anu jadi hambana Alloh memperingati kana ieu kajadian. Kade urang entong terkecoh ku paham – paham anu rek mareuman kaagungan Rosul, bari jeung kaagungan rosul mah moal bisa pareum.
Hal-hal penting anu kudu di guar dina kajadian Isro Mi’raj diantarana :
- Bulan anu dianggo Isro Mi’raj
- Waktu anu dianggo Isro Mi’raj
- Tempat – tempat anu dianggo Isro Mi’raj
- Jalmi anu di Isrokeun di Mi’rajkeun
- Mangpirang – pirang kajadian, anu puncakna pendakna makhluk sareng anu jadi kholikna hirup – hirup
- Naon amalkeuneun urang di jero bulan Rajab, jeung kumaha sikep urang
- Kumaha cara urang tepang jeung gusti, ieu kudu ngaji syareat, tarekat jeung hakekat
Sonda, jam 04.00
Ahad, 14 September 2003
Elmu dina Isro Mi’raj jadi puncakna tina sagala elmu, sabab eta sadayana nunjukeun kana sampurnana kayakinan ka Alloh SWT jeung ka Rosululloh SAW. Anu bisa nepikeun urang ka Alloh SWT, nyaeta elmu musahadah, nyaksi ka Alloh SWT. Urang mah paling nepi oge ngan saukur nepina ati ka Alloh, lamun Rosul mah tiasa nepi ka ningali jeung nguping secara dzohirna langsung.Zaman ayeuna mah susah hayang bisa nepi ka Alloh teh, sabab ati urangna poho ti pangeran. Naon nu jadi sababiah ati urang bisa poho ? loba pisan, diantarana sabab atina dieusian ku eling ka salian ti Alloh, kayaning ; duit, gelar, jabatan, awewe, pokona mangrupa hubud dunya. Conto : lir ibarat hiji gelas anu geus pinuh eusina, tuluy ku urang dieusian deui, tangtu moal bisa malahan kalah mudal, lamun hayang bisa kaeusian deui euweuh cara deui iwal ti kudu ngabaheken heula eusina tadi. Lamun urang hese, carana ulah sok ngajajadikeun teuing kana perkara anu matak mohokeun urang ka Alloh SWT.
Nu bisa ngagusur urang sina eling ka Alloh diantarana :
- Dulur anu balener
- Sing loba sobat anu balener
- Cicing dina lingkungan anu bener
Gg Ita, 17.00
17 September 2003
Ati nyaksi ka Alloh manrupakeun mako anu pangluhur – luhurna pikeun hiji hamba. Dimana hiji jalma geus bisa jadi orang dekatna Alloh, pasti Alloh ngajamin kana pangabutuh manehna. Keur jadi conto, lamun urang jadi supir pribadina kopral, tangtu moal sarua lamun urang jadi supirna jendaral, baik dina segi gajih, kharisma, wibawa, kahormatan jsb. Orang – orang lain bakal beda perasaan jeung anggapanna dimana aya sesuatu pasti manehna bakal mikir heula dimana berhadapan jeung orang – orang dekat model kitu, kumaha lamun orang dekatna eta teh orang dekatna Alloh SWT.Keur orang – orang dekatna Alloh SWT tegesna para Wali, Alloh ngaluarkeun undang – undang khusus “sing inget hey sakabeh makhluk aing saha bae, saenyana wali – wali aing moal aya kakeueung, kasieun ku salian ti aing”, “sarta jalma nu ngahidmat ka Aing anu sabenerna, wajib ngahidmat sakabeh makhluk ka para walina Alloh”. Moal aya wali anu teu bisa ma’rifat, moal bisa ma’rifat lamun lain wali. Ayeuna urang entong ribut mempermasalahkeun naha nabi teh isro mi’rajna teh ruhna wungkul, ngimpi atawa ruh jeung jasadna. Aya hal poko anu leuwih penting ku urang diyakini dina eta kajadian nyaeta bahwa panggihna makhluk jeung Alloh eta pangagung – agungna makom.
Alloh maparinan elmu ka tiap makhluk teh pasti henteu sarua, tah nabi Muhammad saw dipasihan ku Alloh elmu anu lebih ti sadayana makhluk dugi ka nabi urang ngagaduhan mu’jijat. Tah ieu mu’jijat teh apan suatu hal anu bisa nyimpang atawa kaluar dina adat kabiasaan makhluk “khwarikul adat”. Jadi lamun nabi urang isro mi’rajna teh jasad sareng ruhna ieu mangrupakeun hiji conto hal anu diluar adat, jadi moal kaukur kupikiran urang anu heureut. Lamun urang teu percaya, sarua jeung urang teh teu percaya kana kakawasaanna Alloh, da anu ngaisro mi’rajkeun teh hakekatna mah pan Alloh SWT nu maha kawasa, da ari makluk mah teu gaduh kawasa, urang wajib taslim pasrah tarima tong mantangul. Kade lamun teu percaya kana isro mi’raj teh bisa jadi murtad.
Dina kajadian isro mi’raj sok aya anu nyebutkeun yen inti sari tinu eta kajadian teh nyaeta sholat. Padahal lain sholat, nu jadi inti sarina mah nyaeta ma’rifatna makhluk ka Alloh SWT. Sholat mangrupakeun hiji anugrah perintah Alloh ka nabi jeung hamba anu pangagung – agungna anu bisa jadi salah sahiji jalan bisa nepina hamba ka Alloh. Hayang nepi ka Alloh teh kudu ngaliwatan saeutikna tilu puncak elmu, diantarana elmu tauhid, elmu meresihan kokotor ati, jeung elmu fikih.
Masih loba jelema anu sholat tapi sok keneh ngalakukeun dosa, hal sarupa kieu terjadi anu jadi sababna sholat sijalma eta can didasaran ku tauhid anu bener, manehna can ngabogaan perasaan ditingali, dikuping, disaksi ku Alloh.
“Subhaanalladzii asro bi’abdihii lailan minal masjidil haroomi ilal masjidil aqso alladzii baarkna haulahuu linuriyahuu min aayaatinaa innahuu huassamiul basiir”
Subhaanalladzi : maha suci dzat Alloh tina sagala sifat kakurangan, tegesna
persifat Alloh kusadaya sifat kasampurnaan. ( tekad urang )
Asro : anu geus ngaleumpangkeun eta dzat anu maha suci
Ieu Alloh nuju memperingati hiji kajadian, matak urang sebagai umatna jungjunan wajar malah pantes lamun memperingati ieu kajadian. Kajadian ieu dugi ku Alloh diabadikeun dina Qur’an, wal hasil anu memperingati kajadian ieu teh pangpayuna pisan dicontoan ku Alloh.
Bi’abdihi : ka hambana ( jalma anu teu ngamiliki dirina kabeh milik
dununganana )
Anu di isrokeun ku Alloh ngan ukur nu jadi hambana mungkul, tegesna anu dipikarido ku Alloh, anapon jalma anu nyimpang dina aturan Alloh nu berarti teu daek jadi hambana Alloh maranehanana bakal di isrokeuna teh kana kagorengan. Didieu bisa dihasilkeun hiji kasimpulan yen “ moal aya hamba anu teu di isrokeun ku Alloh, moal aya isro pikeun salian hambana Alloh “. Lamun urang hayang di isrrokeun urang kudu daek jadi hambana Alloh.
Lailan : dina hiji peuting
Jailan : dina waktu peuting
Ieu jadi hiji isarah ti Alloh pikeun urang yen Alloh Aglabiah / galibna nepikeun hambana jeung Alloh teh dina waktu peuting, anu matak akhlak para wali mah ti peuting teh garugah. Tapi ieu lain berarti Alloh tara nepikeun hambana ka Alloh ti beurang ngan lamun nyaritakeun anu leuwih utama waktuna teh peuting, ieu pendapat seuseueurna para ulama sadayana parantos itifak / akur. Anu jadi alesan naha peuting anu leuwih utama, apan ari peuting mah sifatna poek teu katingali naon – naon, tah lamun urang geus bisa kitu engke anu bakal katingalina teh ngan tinggal pangeran.
Warna hideung mah simaan, ka’bah dianggoan ku warna hideung, hajar aswad warnana hideung, baju hakim hideung. Salah lamun urang nafsirkeun hideung teh warna berkabung, kade ieu akhlak kafir.
Minal masjidil haromi : ti masjidil harom
Ilal masjidil aqso : ka masjidil aqso
Tah ieu jadi isarah deui ka urang bahwa Alloh ngaisrokeun hambana teh ti masjid ka masjid, Alloh ngangkat darajat hambana teh anu geus resep cicing di masjid tapi lain sare di jero masjid. Anu dimaksud masjid dina ieu ayat aya 2 nyaeta masjid hakiki jeung masjid majaji. Teraskeun pembahasan ieu enjing di kandang.
Kandang, 17.00
18 September 2003
Isro mi’raj kajadianana terjadi dina bulan Aloh, dimana eta bulan ku Alloh dipasihan kabebasan pikeun henteu nguping kana kaawonan umat. Peristiwa isro mi’raj kacida tohaga nepi ka ngagemparkeun sadayana makhluk, dugika di zaman harita nepika aya umat jungjunan anu jadi murtad deui kusabab teu katepi kukayakinanana jeung akalna marintul tur atina tareuas. Alloh ngalungsurkeun dawuhanana sabada kaum – kaum ngarasa dibohongan, tapi para malaikat jeung para nabi oge heboh ngan bedana aranjeunana mah pada yakin.
Dawuhan Alloh : “subhaanalladi asro bi’abdihi lailan minal masjidil harom ilal masjidil aqso alladi barokna haulahu linuriahu min ayatina inahu huasamiul basyir”. Kecap subhana eta paragi nunjukeun sesuatu anu matak kaget, nunjukeun hiji urusan anu sangat ajaib. Matak lamun urang manggih kakaget gancang baca subhanalloh, lamun manggih nikmat baca alhamdulillah jeung lamun ngalakukeun dosa gancang baca astagfirulloh. Dina eta kajadian Alloh ngadawuh nganggo kalimat ta’jub.
Ayeuna keur urang lamun aya kahayang rasa nepi jeung dipikaridho ku Alloh urang kudu ta,asi ku jalan ngikuti kana isro mi’rajna rosululloh saw, sabab didinya aya elmu penting pikeun hambana anu hayang diisrokeun ku Alloh ka makomul kurbi ( caket ka Alloh ). Tapi da gening urang mah hese, tong boro kitu cacak dina sholat oge urang hayang diajar khusu meni sakitu hesena nya kumaha deui da kitu Alloh ngersakeunana. Tapi sing inget satiap hamba Alloh pasti diisrokeun, oge kajadian isro hanya dipaparinkeun ka hambana Alloh mungkul. Kusabab kitu lamun urang geus bisa jadi hambana Alloh pasti urang oge diisrokeun ka Mantenanana.
Subhaanalladzi : maha suci dzat Alloh tina sagala sifat kakurangan, tegesna
persifat Alloh kusadaya sifat kasampurnaan. ( tekad urang )
Asro : anu geus ngaleumpangkeun eta dzat anu maha suci, eta dzat
anu maha sampurna
Bi’abdihi : ka hambana ( jalma anu teu ngamiliki dirina kabeh milik
dununganana
Sabada dada rosul dibersihan teras dieusian ku iman, islam jeung kayakinan teras anjeuna wudlu. Rosul make tumaros sateacan angkat ka malaikat Jibril siga anu teu apal arek kamana, anu saterasna dijawab ku malaikat Jibril bahwa ayeuna teh rosul bade menghadap ka Alloh SWT. Kade sing inget langit lain maqosidul isro wal mi’roj ( lain tujuan ) tapi ngan saukur jadi wasail isro wal mi’roj ( cukang lantaran )
Lailan : dina sawareh peuting
Minal masjidil harom : ti masjidil harom, masjid anu mulya
Ilal masjidil aqso : ka masjidil aqso, masjid anu mulya
Linuriyahu : pangna kami ngaisrokeun hamba kami karena rek
nembongkeun kami ka hamba kami
min aayatina : tina sawarehna tanda – tanda kami
inahu : saenya – enyana eta hamba, eta anu ningali, anu
nguping
inahu : saenya – enyana tegesna Alloh anu maha nguping tur
ningali ka hambana
jadi didieu aya dua makom inahu nyaeta ka nabi jeung ka Alloh.
Anu dimaksud masjid dina ayat ieu aya dua pengertian, hiji masjid hakiki dua masjid majaji. Ari masjid hakiki hartina masjid secara bentukna atawa bangunanna, sedengkeun masjid majaji hartina lain kanu bentuk masjid tapi naon ari paragi di masjid lazimna, tempat naon. Ternyata masjid teh tempat sujud.
Bahwa aglabiahna hamba hayang nepi ka Alloh nyaeta hamba anu geus resep cicing di masjid, ieu keur nyaritakeun nisbat ka urang.
( Naringgul ) Rancakalaong
5 November 2000
Anu disebut salamet aya 10, Lima salamet di dunya, jeung lima salamet di akherat.
Lima salamet di dunya :
- Boga elmu ( getol ngaji )
- Bisa ibadah ka Pangeran ( Alloh SWT )
- Boga rizqi anu halal
- Bisa ngawayahnakeun maneh dina nandangan karipuh
ü Wayahna nandangan piwarangan Alloh SWT
ü Wayahna ngajauhan larangan Alloh SWT
ü Wayahna dina nandangan musibah nu teuakur jeung hawa nafsu
- Bisa syukur kana sagala nikmat ti Alloh SWT
7 November 2000
Lima salamet di akherat ( timimiti sakaratul maut ) :
- Dipikadeudeuh ku malaikatul maut ( dicabut nyawa saperti dicabut nyawana para nabi )
- Dibere teger disaat ditanya kumalikat Munkar Nakir
- Nu bisa aman dina waktu pakewuh anu tohaga ( rasa kaget anu tohaga, aman tina rasa reuwas anu tohaga )
- Tatkala dihapus sakabeh kagorengan ditampi sakabeh kahadeannana
- Dina waktu meuntas sirotol mustaqim saperti kilat anu nyamber
17 November 2000
Hoyong salamet dunia akherat
10 surat pilihan anu nolak 10 perkara
- Surat Al Fatihah ►►► bisa nolak bebendu Alloh
- Surat Yasiin ►►► bisa nolak hanaang dina poe kiamah
- Surat Ad Dukhaan ►►► bisa nolak sakabeh pakewuh kiamat
- Surat Tabaroq ►►► bisa nolak siksa kubur
- Surat Waaqi’ah ►►► bisa nolak fakir ( kokoro )
- Surat Al Kautsar ►►► bisa nolak papaduan jaga dina poe kiamah
- Surat Al Kaafiruun ►►► bisa nolak kakufuran dina waktu sakaratul maut
- Surat Al Ikhlas ►►► bisa nolak tina kamunafikan
- Surat Al Falaq ►►► bisa nolak hasudna sakabeh nu hasud ( jelema, syetan, sato hewan, jin dll )
Alun-alun Sumedang
9 november 2000
Saeutikna 3 kantong nu wajib di pariksa
Urang kudu ngarampa 3 kantong :
- Kantong amal ( bisi kosong )
- kantong elmu ( bisi hampa )
- kantong do’a ( bisi euweuh )
- Ngajak dakwah ka batur ( kontak batin )
- Dakwah supaya nembongkeun akhlak nu sahade hadena ( nembongkeun amal )
- Ngabentuk ukhuah Islamiah ( kakompakan )
10 November 2000
Dina Magrib Nisfu Syaban
- Alloh SWT ngabebaskeun jalma jalma anu geus pasti jadi ahli Naraka
- Nahampura dosa hambana nu geus pasti bakal disiksa
- Ngangkat mangpirang pirang amal sholeh hambana
- Ngagentos catetan rizki jelema
q Yaasin ka 1 : Nyuhunkeun di panjangkeun umur bari bisa kumawula ka Alloh SWT
q Yaasiin ka 2 : Nyuhunkeun sing jembar rizki, di tebihkeun tina balai
q Yaasiin ka 3 : Nyuhunkeun supaya sugih ti sakabeh jalma (behdituna ti sakabeh makhluk)
Jelema nu teu boga DORAKA:
- jelema Gelo
- jelema nu Pikun
- jelema nu Sare
- jelema nu Poho
- jelema nu di Paksa
- jelema nu kapaehan
- jelema nu can baleg
- jelema Bodo (jauh ti Ulama)
- Para NABI
Masjid Agung Bandung
11 November 2000
GEMA NISFU SYA’BAN DAN MENJELANG BULAN SUCI RAMADHAN
Dawuhan Sayidina Abdullah r.a ( Ibnu Umar )
Aya 5 peuting anu bakal di ijabah Do’a
- 1. Malam Jum’at
- 2. Malam 1 Rajab
- 3. Malam Nisfu sya’ban
- 4. Malam Lailatul Qodar
- 5. Malam Idul Adha dan Idul Fitri
Peuting nupinuh kabarokahan
Peutingan Sya’faat
Peutingan Alloh SWT ngiparatan dosa dosa mu’minin ( anging jalma jalma nu teu ditarima ku Alloh SWT )
- Jelema nu musyrik
- Jelema nu aya dina atina aya rasa benci, keuheul sentimen
12 November 2000
Jelema anu bakal bagja:
- Teu resep numpuk numpuk harta benda
- Sagala tujuanna rek di pake ibadah
- Tara loba ngomong nu teu perlu
- Bisa ngaraksa kana sholat 5 waktu
- Jelema nu sosobatan jeung jalma sholeh
- Hade ka sakabeh makhluk
- Tawadho
- Berehan
- Nyaah ka Mu’minin
11. Loba inget kana maot
Jalma nu bakal cilaka :
- Resep numpuk numpuk harta benda
- Sok mikiran kana nafsu jeung syahwat
- Nu goreng bacot
- Sosobatan jeung jalma polontong, jahat
- Ngenteng ngenteng kana Sholat 5 waktu
- Goreng ka sakabeh makhluk
- Adigung / sombong
- Ngopet / pedit
- Teu pati nyaah ka Mu’minin
11. Poho kana maot
7 GOLONGAN JELEMA ANU TEU DI TARIMA AMALNA SARTA TEU DIHAMPURA DOSANA DINA SASIH NISFU SYA’ BAN
- Jelema anu MUSYRIK
Musyrik samar (alit / asgor / khofi)
- Atina teu dibere resep ka batur (boga rasa ngewa ka batur)
- Jelema anu sok mutuskeun kanyaah
- Lalaki anu sok ngarumbaykeun anggoannana sarta nutupan mumuncangannana karna ngagaya
- Jelema anu sok nganyerikeun hate Indung Bapa
- Jelema anu ngabiasakeun nginum alcohol najan teu mabok
- Jelema anu ngabunuh tanpa hakna
KAISTIMEWAAN JELEMA NU BENER TOBATNA
- Malaikat nu nyatet amal gorengna bakal di pohokeun
- Sakabeh anggota badana nu geus pernah ngalakukeun dosa bakal di pohokeun
- Tempat nu pernah di pake maksiat bakal di pohokeun ku Alloh SWT
8 Desember 2000
SATO HEWAN NU ROHNA DILANGGENGKEUN
- Anjing Ashabul Kahfi
- Onta Nabi Soleh
- Hud hud Nabi Sulaeman
- Sireum Nabi Sulaeman ( Ratu Mundziroh )
- Himar Nabi Huzer
13 Novembe 2000
Dawuhan Syekh Nawawi Al Bantani ; lamun hayang ma’rifat ka Alloh SWT kumbah 4 perkara ku 4 perkara :
- Kumbah beunget maraneh nu lamongot ku dosa kucai panon
- Kumbah letah maraneh ku dzikir ka Alloh SWT
- Kumbah ati maraneh ku rasa sieun / risi ku Alloh SWT
- Kumbah dosa – dosa maraneh ku ma’rifat ka Alloh SWT
22 Oktober 2000
Mimiti nu wajib sholat nyaeta sholat dzuhur
Dawuhan Abdullah Bin Amar r.a : lima perkara anu bakal bagja di dunia jeung akherat
- Sing mineng ngucapkeun Lailahailloh
- Dimana meunang cocoba ti Alloh, sanggakeun ka Alloh ngucapkeun Inalila,,,,,,,,
- Bilamana meunang nikmat buru – buru maca Alham….
- 4. Dimana ngamimitian naon bae kedah ngucapkeun Bismi….
- 5. Dimana ngalakonan dosa naon bae ngucapkeun Istigfar
2 November 2001
Dawuhan Imam Syafi’i r.a ;
hikmahna urang ka luar ti imah dina neangan kaluhungan ( elmu ) :
- Tiasa ngahilangkeun stress
- Bakal meunang panghasilan / kahirupan
- Nambahan elmu
- Bakal meunang pendidikan, tatakrama / adab – adaban
- Tiasa nyobat sareng nu agung ( Alloh, Rosul, Ulama, dst )
Dano ( DMC )
19 Januari 2001
Rosululloh saw gaduh kacintaan tina urusan dunya tilu perkara :
- Cinta kana seuseungitan
- Cinta ka kaum wanita
- Nikmat dina jero sholat
- Resep ninggal pameunteu gamparan!!! Yaa Rosululloh
- Namplokeun sakabeh hartana kanggo Rosul
- Pun Anak ( ‘Aisyah ) aya dina tangan gamparan
- Marentah hade ( ngajak kana kahadean )
- Nyegah kana sagala kagorengan
- Resep kana anggean anu goreng patut
- Nyeubehkeun patuangan nu sanes
- Resep makean batur
- Resep ngaos kana Al Qur’an
- Resep ngaulaan tamu
- Resep puasa dina musim halodo
- Resep neukteukan beuheung jelema dina waktu perang
- Nunjukeun kana jalma – jalma nu sasar
- Ngabungahkeun ka jalma anu ngadeukeutkeun diri ka Alloh
- Ngabelaan jalma nu rumah tanggana susah
Alloh cinta ka jalma :
- Anu pantang menyerah
- Deudeuh ka jalma – jalma anu ceurik inget kana dosana
- Resep ka jalma – jalma anu ngawayahnakeun maneh dina waktu keur butuh
Bojong Jati
9 Oktober 2000
Dawuhan Syekh Kholil Bin Ahmad ; jelema kabagi 4 golongan :
- Jelema teh aya nu boga kanyaho sarta nyaho yen dirina nyaho ( jelema ‘alim / ulama )
- Jelema nu boga kanyaho tapi manehna teu nyaho yen dirina nyaho ( jalma nu keur sare )
- Jelema teh aya nu teu boga kanyaho tapi manehna nyaho yen dirina teu nyaho ( jalma nu hayang nyaho )
- Jelema teh teu boga kanyaho tapi teu nyahoeun yen dirina teu nyaho / asa nyaho ( jalma belegug / GOBLOG, kulanas )
- Aya nu resep
- Aya nu ngewa
- Aya nu chueks
- Lungsur Wengi disebut ayat lailliyah
- Lungsur Siang disebut ayat nahariyah
- Lungsur di kampung disebut ayat hadhoriyah
- Lungsur di perjalanan disebut ayat safariyah
- Lungsur dina usum ngijih disebut ayat sitaiyyah
- Lungsur dina usum halodo disebut ayat
- Al Imam Hanafi
- Al Imam Ibnu Katsir
- Al Imam Abu Amar
- Al Imam Ibnu Amil
- Al Imam Ibnu Atsim
- Al Imam Ibnu Kisyai
- Al Imam Hamzah
AL Qur’an terdiri dari 30 juz ,114 surat ,77450 kalimat ,1.024.000 huruf.
Surat nu lungsur di mekah aya 83 surat salami 13 th.
Surat nu lungsur di madinah aya 31 surat salami 10 th
Tertiban AL QUR’AN
SURAT ANU LUNGSUR DI KOTA MEKAH :
1. Surat AL ALAQ ( Segumapal darah ) 19 ayat
2. Surat AL QALAM ( Kalam ) 52 ayat
3. Surat AL MUZZAMMIL ( orang yang berselimut ) 20 ayat
4. Surat AL MUDDATSTSIR ( orang yang berkemul ) 56 ayat
5. Surat AL LAHAB ( gejolak api ) 5 ayat
6. Surat AT TAKWIR ( menggulung ) 29 ayat
7. Surat AL A’LAA ( yang paling tinggi ) 19 ayat
- Surat AL LAIL ( malam ) 21 ayat
- Surat AL FAJR ( fajar ) 30 ayat
11. Surat ALAM NASYRAH ( melapangkan ) 8 ayat
12. Surat AL ‘ASHIR ( masa ) 3 ayat
13. Surat AL AADIYAAT ( kuda perang berlari kencang ) 11 ayat
14. Surat AL KAUTSAR ( ni’mat yang banyak) 3 ayat
15. Surat AT TAKAATSUR ( bermegah –megahan ) 8 ayat
16. Surat AL MAA’UUN ( barang-barang yang berguna ) 7 ayat
17. Surat AL KAAFIRUUN ( orang-orang kafir ) 6 ayat
18. Surat AL FIIL ( gajah ) 5 ayat
19. Surat AL IKHLAS ( menurunkan keesaan Allah ) 4 ayat
20. Surat AN NAJM ( bintang ) 62 ayat
21. Surat ‘ABASA ( ia bermuka masam ) 40 ayat
22. Surat AL QODR ( kemuliaan ) 5 ayat
23. Surat ASY-SYAM ( matahari ) 15 ayat
24. Surat ALBURUUJ ( gugusan bintang ) 22 ayat
25. Surat AT TIIN ( buah tin ) 8 ayat
26. Surat QURAISY ( suku Quraisy ) 4 ayat
27. Surat AL QAARI’AH ( hari qiamat ) 11 ayat
28. Surat AL QIYAAMAH ( hari qiamat ) 40 ayat
29. Surat AL HUMAZAH ( pengumpat ) 9 ayat
30. Surat AL MURSALAAT ( malaikat-malaikat yang diutus ) 50 ayat
31. Surat QAAF 45 ayat
32. Surat AL BALAD ( negeri ) 20 ayat
33. Surat ATH THAARIQ ( yang dating di malam hari ) 17 ayat
34. Surat
35. Surat SHAAD 88 ayat
36. Surat AL ‘ARAAF ( tempat tertinggi ) 206 ayat
37. Surat AL JIN ( jin ) 28 ayat
38. Surat YAASIN 83 ayat
39. Surat AL FURQAAN ( pembeda ) 77 ayat
40. Surat
41. Surat MARYAM 98 ayat
42. Surat THAAHA 135 ayat
43. Surat AL WAQI’AH ( hari qiamat ) 96 ayat
44. Surat ASY SYU’ARAA ( para penyair ) 227 ayat
45. Surat AN NAML ( semut ) 93 ayat
46. Surat AL QASHAS ( cerita-cerita ) 88 ayat
47. Surat AL ISRAA ( memperjalankan di malam hari ) 111 ayat
48. Surat YUNUS 109 ayat
49. Surat HUUD 123 ayat
50. Surat YUSUF 111 ayat
51. Surat AL HIJR 99 ayat
52. Surat AL AN’AAM ( binatang ternak ) 165 ayat
53. Surat ASH-SHAAFFAT ( yang bershaf shaf ) 182 ayat
54. Surat ALUQMAN 34 ayat
55. Surat SABA’ ( kaum saba ) 54 ayat
56. Surat AZ-ZUMAR ( rombongan-rombongan ) 85 ayat
57. Surat AL MU’MIN ( orang yang beriman ) 85 ayat
58. Surat AS SAJDAH ( sujud ) 30 ayat
59. Surat
60. Surat AZ ZUKHRUF ( perhiasan ) 89 ayat
61. Surat DUKHAAN ( kabut ) 59 ayat
62. Surat Al JAATSIYAH ( yang berlutut ) 35 ayat
63. Surat AL AHQAAF ( bukit-bukit pasir ) 35 ayat
64. Surat ADZ-DZAARIYAAT ( angin yang menerbangkan ) 60 ayat
65. Surat AL GHASYIYAH ( hari pembalasan ) 26 ayat
66. Surat AL KAHFI ( gua ) 110 ayat
67. Surat NAHL ( lebah ) 128 ayat
68. Surat NUH 28 ayat
69. Surat IBROHIM 52 ayat
70. Surat AL ANBIYAA’ ( nabi-nabi ) 112 ayat
71. Surat AL MU’MINUUN ( orang-orang yang beriman ) 30 ayat
72. Surat AS SAJDAH ( sujud )
73. Surat
74. Surat
75. Surat AL HAAQQAH ( hari qiamat ) 52 ayat
76. Surat
77. Surat
78. Surat
79. Surat
80. Surat AL INSIQAAQ ( terbelah ) 25 ayat
81. Surat AR RUUM ( bangsa rumawi ) 60 ayat
82. Surat AL ‘ANKABUUT ( laba-laba ) 69 ayat
83. Surat AL MUTHAFFIFIIN ( orang-orang yang curang ) 36 ayat
SURAT YANG DITURUNKAN DI MADINAH
- Surat Al FATIHAH ( pembukaan ) 7 ayat
- Surat AL BAQARAH ( sapi betina ) 286 ayat
- Surat AL ANFAAL ( harta rampasan perang ) 75 ayat
- Surat ALI IMRON ( keluarga imron ) 200 ayat
- Surat AL AHZAB ( orang yang bersekutu ) 73 ayat
- Surat AL MUMTAHANAH ( perempuan yang diuji ) 13 ayat
- Surat AN NISAA ( wanita ) 176 ayat
- Surat AL ZALZALAH ( kegoncangan ) 8 ayat
- Surat ALHADIID ( besi ) 29 ayat
11. Surat ARRAD ( guruh ) 43 ayat
12. Surat AR RAHMAAN ( yang maha pemurah ) 78 ayat
13. Surat AL INSAAN ( manusia ) 31 ayat
14. Surat ATH THALAAQ ( talak ) 12 ayat
15. Surat AL BAYYINAH ( bukti yang nyata ) 8 ayat
16. Surat AL HASYR ( pengusiran ) 24 ayat
17. Surat AL FALAQ ( waktu subuh ) 5 ayat
18. Surat AN NAAS ( manusia ) 6 ayat
19. Surat AL FATH ( kemenengan ) 29 ayat
20. Surat AN NUUR ( cahaya ) 64 ayat
21. Surat AL HAJJ ( haji ) 78 ayat
22. Surat AL MUNAAFIQUUN ( orang-orang yang munafiq ) 11 ayat
23. Surat AL MUJAADILAH ( wanita yang mengajukan gugatan ) 22 ayat
24. Surat AL HUJURAAT ( kawah-kawah ) 18 ayat
25. Surat AT TAHRIM ( mengharamkan ) 12 ayat
26. Surat ASH SHAFF ( barisan ) 14 ayat
27. Surat JUMU’AH ( hari jum’at ) 11 ayat
28. Surat AT TAGHAABUN ( hari ditampakan kesalahan-kesalahan ) 18 ayat
29. Surat AL FATH ( kemenengan ) 29 ayat
30. Surat AT TAUBAH ( pengampunan ) 129 ayat
31. Surat AL MAAIDAH ( hidangan ) 120 ayat
Sumber: Asy syifa
Tidak ada komentar:
Posting Komentar